"Paturay Tineung"
Mc: bismillahhirohmannirohim..
Assalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh!
Alhamdulillah.. Alhamdulillahhirobbil 'alamin assolatu wassallamu 'ala ambiya'i walmursalin wa'ala 'alihi wasohbihi 'azmain amma ba'du.
Anu kusimkuring dipikahormat bapa kepala SMPN 3 Tarogong Kidul, anu kusimkuring dipikahormat bapa ibu guru, sareng rerencangan anu kusimkuring dipikanyaah.
Sateu acanna hayu urang sanggakeun puji sinareng syukur ka gusti Allah SWT., Nu mana tos maparin rahmatna ka urang sadaya dugi katiasa kempel dina ieu patempatan, Dina raraga "Paturay Tineung kelas IX SMPN 3 Tarogong Kidul". Teu hilap, sholawat sinareng salam urang curah limpahkan ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW., Kapara kulawargina, ka para sahabatna, tur dugi ka urang sadaya salaku umatna. Amiin..
Langkung tipayun simkuring seja pangwilujeung lehna siswa/i kelas IX parantos lulus ujian nasional tahun 2019
Sateu acana didieu aya sababaraha rupi acara, simkuring bade medarkeun heula runtuyanna diantawisna:
1. Aosan ayat suci Al-Qur'an
2.Ngahaleuangkeun lagu Indonesia Raya
3. Pamapag ti pupuhu Sakola
4. Pamapagn ti komite sakolah
5. Profesi serah terima siswa/i kelas IX
6. Biantara wawakil ti siswa kelas IX
7. Wawaran siswa/i anu nyangking prestasi
8. Serah narima medali
9. Do'a
10. Panutup
Supados teu nyangking kanu waktos, sumangga urang Kawitan wae ieu acara, ku aosan basmallah sasareungan. Bismillah..
Hadirin salajeungna Hayu urang sami-sami regepkeun aosan ayat suci Alquran, anu seja didugikeun ku saderek pandu ka saderek pandu dihaturan.
Ngahaturkeun Nuhun ka saderek pandu anu parantos ngaoskeun ayat suci Alquran. Mudah-mudahan Sing janteun manfaat kangge urang sadaya. Aminn
Acara salajeungna nyaeta Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu Sakola. Waktos sareung kehormatan disanggakeun.
Acara salajengna nyaeta pangjajap acara ti bapa komite sekolah.Waktos sareung kehormatan disanggakeun.
Acara salajengna nyaeta profesi serah tarima siswa/i kelas IX.
Acara salajengna nyaeta Biantara Ti wawakil kelas IX,waktos sareung kehormatan disanggakeun.
Hatur sewu nuhun ka wawakil kelas IX anu parantos ngadugikeun biantara kalayan singet mung teges maksadna.
Salajeungna nyaeta wawaran siswa/i anu nyangking prestasi.
Salajeungna nyaeta serah tarima medali.
Alhamdulillah acara parantos rengse. minangka acara Pamungkas nyaeta ramah tamah. Nanging sateu acanna urang pungkas heula ieu acara ku du'a. Sumangga bapa ustad dihaturan kanggo mingpin du'a.
Hatur nuhun ka bapa usatad anu parantos mingpin du'a. Mugiw du'a urang sing dikobul ku Allah Swt. Aminn
Ti simkuring rupina sakitu wae anu dipakahatur, hapunteun bilih aya anu kirang merenah.
Wassallamu alaikum warohmatullahi wabarokatuh!
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Rangkuman PAI Bab13 Pertumbuhan Ilmu Pengetahuan pada Masa Abbasiyah
Bab 13 Pertumbuahn Ilmu Pengetahuan pada Masa Abbasiyah Pertumbuhan ilmu pengetahuan pada masa Abbasiyah Kemajuan islam pada...
-
"Paturay Tineung" Mc: bismillahhirohmannirohim .. Assalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh! Alhamdulillah.. Alhamdu...
-
BAB 8 Meneladani Sifat-Sifat Mulia Para Rasul Allah Swt. 1.Pengertian Iman Kepada Rosul Y aitu menyakini dengan sepenuh hati b...
-
Bab 12 Mengkonsumsi Makanan dan Minuman yang Halal dan Menjauhi yang Haram 1) Makanan Halal Yaitu makanan yang boleh dimakan ...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar